Pedaran
Kebudayaan
Urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar
nagara urang,dipikaresep ku barudak ngora,anu sepuh oge sami “jati kasilih ku
junti” teu minosea kana seni budaya,margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke
seuer pisan seni budaya.
Di pulo jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna badde bantun tema “ Ngala
Lele Kasama meunang dua,ngamumule kandaga budaya sunda”
Naon atuh ari budaya teh? Ceuk emutan simkuring Budaya teh
hiji kamonesan atanapi kapanigelan,boh dina seni atanapi dina kaolahan,tangtos
ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya? Urang ngabantu contoh:
babantal,comro,misro,nutuan bubuy bawang,tutuan sareng cikur,beuleum sampeu
ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika,iwal Obama mereun
apaleun,peah kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan,aya
rengkong,reog,celempungan bajidor,jaipongan,wayang golek,sareng nu sanesna.
Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi,suling. Kop nu kitu mah
keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll,dag,dig,dug jreng..,bress..,hebat
euy. Padahal upami dilenyepan,ngemprangna sora kendang,ngerempragna sora
kendang,ngerilikna sora suling kabawa angin peuting,hawar-hawar cianguran matak
nyerep kana bayah, kendang penca mani ngamprang,hut,het, anu ngigelna kiwari
ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah
saparantos IPSI,ngawangun sanggar pikeun
ngamumule seni budaya, utamina dilatar sunda kango urang mah. Piraku ari
urag Amerika bisa kana budaya sunda ari urang teu resep,teu malise,heunteu
reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal,garehal
teu keuna kana undak usuk basa, sakila deui umajak ka balerea urang mumule seni
budaya urang.
Komentar
Posting Komentar