tugas softskill "kebudayaan"
Pedaran
Kebudayaan
Urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan
tontonan ti luar nagara urang,dipikaresep ku barudak ngora,anu sepuh oge sami
“jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya,margi di Indonesia ti
sabang dugi ka maroke seuer pisan seni budaya.
Di pulo jawa bae aya budaya Jawa jeung
Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna badde
bantun tema “ Ngala Lele Kasama meunang dua,ngamumule kandaga budaya sunda”
Naon atuh ari budaya teh? Ceuk emutan
simkuring Budaya teh hiji kamonesan atanapi kapanigelan,boh dina seni atanapi
dina kaolahan,tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?
Urang ngabantu contoh: babantal,comro,misro,nutuan bubuy bawang,tutuan sareng
cikur,beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di
Amerika,iwal Obama mereun apaleun,peah kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur
pisan,aya rengkong,reog,celempungan bajidor,jaipongan,wayang golek,sareng nu
sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi,suling. Kop nu
kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll,dag,dig,dug
jreng..,bress..,hebat euy. Padahal upami dilenyepan,ngemprangna sora
kendang,ngerempragna sora kendang,ngerilikna sora suling kabawa angin
peuting,hawar-hawar cianguran matak nyerep kana bayah, kendang penca mani
ngamprang,hut,het, anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya
atawa pamarentah geus nyieun wadah saparantos IPSI,ngawangun sanggar
pikeun ngamumule seni budaya, utamina
dilatar sunda kango urang mah. Piraku ari urag Amerika bisa kana budaya sunda
ari urang teu resep,teu malise,heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya
Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina
tanahal,garehal teu keuna kana undak usuk basa, sakila deui umajak ka balerea
urang mumule seni budaya urang.
Komentar
Posting Komentar